Kamis, 08 Maret 2012

Puisi dan Cerpen Sunda


Puisi dan Cerpen Sunda
Oleh:
Annisa Febrianty
IX-A


A.   Puisi Sunda

Asih nu mawa peurih
oleh : pustaka sunda

asih haliwugna ati anu ngageuri
kembang tresna ngawagu wayahna
rumasa raga teu walakaya

geuning enya diri ngarasa
lieuk euweuh ragap teu aya
ukur keclak ibun katresna
ngalembereh maseuhan satia

naha enya teu aya harga ?
talaga wening nyangkrung na soca
bedah marudahngareumkeun rasa
asih,tresna,satia teu aya harga
kahalimpudan pames dunya
naha aya ngangenclangna rasa?






WASIAT KONGLOMERAT
Taufik Faturrahman

Lamun Apih paeh
pangbungkuskeun ku salambar boeh
ladang ngeleketek
tina rupa-rupa proyek

Lamun Apih nemahan pati
pangmesenkeun padung jati
ladang ngumpulkeun komisi
jeung rupa-rupa korupsi
Kontrak-kontrak nucan diteken
Jeung SPK-SPK nu can dilaksanakeun
awurkeun luhureun paesan
na tetengger heug tulisan
parantos mulang ka kalanggengan
Apih, konglomerat tuladan











CERPEN SUNDA
Sora Takbir Ngalanglaeu
Pipiet Senja
  
            Peutingan lebaran di wewengkon pilemburan Depok. Sora takbir geus ngageder ti beurang keneh, ti keur manehna nguprek di dapur ngolahkeun asakan. Kupat saukur welasan jeung angeun nangka minangka kuahna. Daging sapi pamasihan dununganana mah dibistik, da kitu kahayang Anisah.
Pawon kiwari simpe, imah leutik di tengah kebon awi karasana mingkin rehe. Sanggeus solat isya, inyana kalah ngangin, sidengdang dina teras. Ret ka palebah kulon, jalan satapak nu ngembat ti tungtung kebon awi ka imahna marakbrak caang. Duka ti iraha lampu neon pating baranang di sabudeureun imahna. Padahal, nya saha anu rek ngulampreng ka palebah dieu? Erte Danih sigana mah, boga pokal nyaangan lembur dina peuting leubeut ku ampunan.
“Eeeh, Ema geuning di dieu keneh? Sanes de ngiring ka masjid?” Anisah nyampeurkeun, jen nangtung hareupeun indung.
“Ema mah moal ka mamana da,” tembalna halon. Dadak sakala asa aya anu ngagerihan hatena. Inget kana lalakon hirupna. Meh sataun inyana kudu ngalaman papisah jeung anu jadi salaki, hirup kadua anakna di pilemburan batur. Kang Iman, mana tega-tega teuing jalma anu mitenah  anjeun… Duuuh, Gusti!
“Takbiran di bumi oge teu sawios, Ema, malahan husu. Moal aya anu ngabebereg, barudak tea maraceuh!”
“Iiih, teu kitu… Ngan ieu mah nyeta haroream ka mamana. Ari Nisah niat ka mesjid mah henjig wae. Lin rek milu pawey dulag jeung barudak Rohis?”
“Muhun… Ema kumaha atuh?” Anisah neuteup nu jadi indung. Mojang jekekan, kelas dua SMA keur meumeujeuhna aktip di masjid. Kapeto jadi pupuhu akhwatna. Sumanget jihad fillahna ngagegedur mo bina ti bapana.
Saha anu teu apal ka Iman Wisesa anu kungsi ngageunjleungkeun lemah cai. Mungguh aheng intrik politik di nagara ieu, gerentesna jadi kasuat-suat deui. Kang Iman, pagawean purah nunggu masjid, guru ngaji, tukang minyak seungit ngurilingan kampung. Ujug-ujug dituding sabage teroris, tukang ngabom?  Salah saha mun potret teroris teh siga Kang Iman atuh, salah sahaaa? Heg weh Kang Iman ditibanan hukuman beurat… Ya Alloh, ya Rob!
“Haaar… nya teu kukumaha! Barina oge geus kolot, maenya rek miluan pawey, matak disaleungseurikeun keh!” pokna buru-buru ngabeberah hate, sakuat daya nyamunikeun sagala kapeurih.
Peuting ieu mah dipahing juuh cipanon!
Nyeh Anisah ngabelenyeh, imutna teuing ku nyari. Ceg nyekel leungeun indung, celengok dicium kalawan deudeuh. “Moal lami da, ieu mah mung de nyumangetan barudak we… sakedaaap!” cenah samemeh miang, dianteur ku teuteup indung anu mikadeudeuh tan wangenan.
Gusti Alloh mah teuing ku Maha Asih, gerentesna sorangan. Sok sanajan kapala kulawarga dibuang ka Nusakambangan, loba anu mikadeudeuh. Tatangga, babaturan ngajina jeung barudak rumaja masjid, pangpangna ka Anisah loba naker anu mikanyaah. Dipikanyaah ku dunungan, tug nepikeun ka nyanggupan ngabayuan sakola Anisah nepi ka mana wae, cenah.
Teger hate, enyaan, hirup mah kudu ditawekalan. Kudu istiqomah, apan kitu ceuk Kang Iman oge. Mawa pikiran kitu inyana ngaringkang, sup ka imah, rek nungguan anak di jero wae.
“Dungakeun Nisah, Ema. Nisah hoyong janten mujahidah,” ngajelengeng deui cita-cita anakna.
“Naon mujahidah teh, Geulis? Ema mah da… esde oge teu tamat.”
“Pahlawan, Ema… kawas Abah,” cenah mani matak dedengeeun.
Karek rengse solat subuh basa aya anu gegedor panto. Tibuburanjat, dibarengan ku Anisah, inyana mukakeun panto. Sugan jeung sugan aya kaahengan. Kang Iman, jungjunan hate dikaluarkeun ti LP Nusakambangan, dibebaskan tina sagala tuduhan. Ongkoh taya buktina Kang Iman dalangna bom Bali. Ngaco we tamah, Kang Iman dijadikeun tumbal nagara adidaya!
“Euh, patugas ti kapulisian geuning? Aya naon?”
“Iman Wisesa dieksekusi tengah peuting tadi. Bisi rek mapag layonna,” ceuk Erte Danih. Sora takbir ngadadak asa ngalanglaeu dina ceulina.
***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar